Rabu, 20 November 2013

Analisis Carpon



“NYI INTUNG”

1.      Ringkasan Carpon “Nyi Intung”
           Jang Idang jeung Jang Seyu teh dua rumaja anu umumna kakara nincak dalapan welas taun, duanana sarua sakola di SMK Negeri Situraja bagean mesin, enya mun baheula mah sakola STM mesin tea meureun. Maranehna kakara naek ka kelas tilu, aya libur panjang ampir kana tilu mingguna, jadi harita duanana ngarit nyiar jukut isuk-isuk, da sanggeus sakola bubar.

           “Yu, geus jam sapuluh sigana mah, jaba carangka wadah jukut geus pinuh, bisi teu kabagean juma’ahan, hayu balik...,”ceuk Jang Idang ngajak balik ka Jang Seyu. “Ah, jung bae rek balik mah ti heula Jang, uing mah cape rek reureuh heula di dieu, keun bae lah juma’ahan mah, minggu hareup ge aya keneh sugan,” walon Jang Seyu bari goloyoh asup ka saung, goledag ngedeng na palupuh, kerelek heay.
           Jang Idang geuwat manggul carangka nu metet ku jukut pikeun embe piaraanana. Jang Idang mah tara pisan tinggaleun juma’ahan teh, atuh harita ge indit ngaritna rebun-rebun keneh pisan da sieun teu kabagean juma’ahan. Panan Jang Idang mah sok inget bae kana kasauran guru ngajina jeung papagah indung-bapana sabisa-bisa omat ulah ninggalkeun solat juma’ah, kudu solat bareng jeung jenuk batur balarea di mesjid desa.
           Kira-kira wanci jam dua beurang. Nu nyegrek di saung sawah, nu teu kungsi juma’ahan, nyaeta Jang Seyu tea nguningan hudang, hudang soteh sigana bane bae pedah beuteungna ngurubek hanyang dijejelan sangu, lapar sigana mah Jang Seyu teh. Ditengah perjalanan Jang Seyu papanggih jeung Nyi Intung, rorompokna di Lebak Sarti teras Jang Seyu nyimpang ka rorompok na Nyi Intung kusabab Jang Seyu bade dipangnyangukeun jeung dipangnyambelkeun nu pedo. Rengse dahar, Jang Seyu ngarasa tunduh deui, sigana pangaruh teluh kejo, teu katahan Jang Seyu geus nyegrek deui na bale-bale handapeun rungkun kembang.
           Bada magrib, Bi Cucu gegerewekan bari muru imah na Jang Idang . Nanyakeun kamana ari Jang Seyu naha sakieu geus bada magrib nu ngarit can balik-balik. “Kumaha atuh ieu teh Kang Hasyim? Jig atuh teang Nyi Tirah, urang tanyakeun panan panuduhan Nyi Tirah mah arang langka salah sok meneran bae,”omong Bi Cucu kang Mang Hasyim. “Mendingan ka Ajengan Holil lain ka Nyi Tirah atuh Ma, “walon Mang Hasyim. Ceuk Nyi Tirah mah cenah Jang Seyu teh keur di sumputkeun ku bangsa siluman di tempat anu suni. “Sok mangga urang ngado’anheula sangkan urang mendak pituduh, rengse ngado’a urang tuturkeun kamana ieu palidna cai nyusu, da geuningan siga aya tapak suku anyar ,“saur Ajengan Holil.
           Jang Seyu kapanggih keur nyegrek sare di Lebak Sarti lain dina bale-bale, tapi dina luhureun batu nu lempar handapeun dapuran haur nu oyodan, lain handapeun rungkun kembang. kareret ketempo ku Jang Seyu sesa dahareun, ningan lain sangu, lain beuleum lauk asin, lain sambel jeung lalab, tapi ningan mangrupa tai munding, catang garing, bangke kadal jeung pucuk saliara. Si horeng disebut Nyi Intung teh pedah orayna buntung. Teu kungsi dipaehan da saur ajengan Holil ulah, keun bae cenah da sarua mahluk pangeran, nu penting urang ulah tinggaleun juma’ahan sanajan keur gawe di sawah ge.
           Ti harita Jang Seyu tara tinggaleun juma’ahan, malah mah ngarit poe kemis sok dua tikel, da embungeun ngarit na poe juma’ah. Manehna embung panggih deui jeung Nyi intung, Oray siluman nu pangparapatan liarna ka handapeun tangkal picung, lebah lamping landeuheun lemburna. Pangpangna mah ketah Jang Seyu teh sieuneun meunang bebendon Allah Ta’ala.
2.      Tema carpon “Nyi Intung”
           Tema anu aya dina carpon ieu nyaeta “salaku umat muslim, urang kudu taat jeung ngajalankeun parentah agama supados dijauhkeun tina marabahaya jeung gangguan mahkluk gaib”.
           Teguran anu dipaparkeun dina carpon ieu didugikeun ku tokoh “Jang Seyu”, anu diajak ku sobatna nyaeta Jang Idang kanggo ngalaksanakeun solat juma’ah tapi Jang Seyu kalah sare disaung. Teu lila Jang Seyu teh papanggih jeung Nyi intung teras manehna teh nuturkeun dugi kasasar di Lebak Sarti nyaeta rorompokna Nyi Intung anu sihoreng teh siluman oray.
3.      Alur carpon “Nyi Intung”
           Jang Idang ngajak ka Jang Seyu kanggo ngalaksanakeun solat juma’ahan tapi Jang Seyu nolak ajakan Jang Idang teras Jang Seyu papanggih jeung Nyi Intung di tengah-tengah perjalanan bade uih. Bada magrib Jang Seyu kapanggih keur nyegrek sare di Lebak Sarti lain dina bale-bale, tapi dina luhureun batu nu lempar handapeun dapuran haur nu oyodan, lain handapeun rungkun kembang. Sedengkeun Nyi Intung nyaeta Siluman Oray anu teu boga sirah.
Alur carpon ieu nyaeta sabab-akibat.
           Jang Seyu nolak ajakan Jang Idang solat juma’ahan di masjid jeung milih sare disaung, pas hudang sare Jang Seyu ngarasa lapar, di perjalanan bade uih ka bumi Jang Seyu papanggih jeung Nyi Intung anu nawaran Jang Seyu nyimpang ka rorompokna di Lebak Sarti. Teras Jang Seyu dibere sangu haneut jeung sambel ku Nyi Intung sihoreng kareret ketempo ku Jang Seyu sesa dahareun, ningan lain sangu, lain beuleum lauk asin, lain sambel jeung lalab, tapi ningan mangrupa tai munding, catang garing, bangke kadal jeung pucuk saliara.  Akibatna Jang Seyu ngagegerkeun warga sakampung. Jang Seyu kapanggih di Lebak Sarti keur nyegrek sare di luhur bale-bale, tapi dina luhureun batu nu lempar handapeun dapuran haur nu oyodan, lain handapeun rungkun kembang.
4.      Unsur-unsur alur
           Unsur-unsur galur anu dihadirkeun ku pengarang dina “Nyi Intung” nyaeta (1) konflik (2) pembayangan (3) pendukung (suspensi).
           Konflik anu dilukiskeun pengarang dina carpon ieu nyaeta Jang Seyu ngiclik nuturkeun Nyi Intung, carangka jukutna teu kungsi dibawa, teras Jang Seyu teh singgah dirorompokna Nyi Intung pikeun kasarean dina luhureun bale-bale. Bada magrib Bibi Cucu  nanyakeun Jang Seyu ka Jang Idang “naha sakieu geus magrib nu ngarit can balik-balik”.
           Pembayangan anu dilukiskeun pengarang dina carpon ieu nyaeta Jang Idang ngawartosan Jang Seyu “Ih ilaing mah Yu, ulah sok sosorangan di tengah sawah wanci juma’ahan siah sok di sered korod,” ceuk Jang Idang. Kira-kira wanci jam dua beurang di tengah-tengah perjalanan Jang Seyu pependak Jeung Nyi Intung, wanoja anu geulis si horeng teh siluman oray anu buntung sirahna.
           Pendukung (suspensi) anu dilukiskeun pengarang dina carpon ieu nyaeta “Jang Seyu naha sakieu geus bada magrib nu ngarit can balik-balik, ceuk Bi Cucu”.
“Bi, ku uing ge ge di ajak balik Seyu teh, tapi kalah kah sare di saung sawah, ceuk Jang Idang ka Bi Cucu”.
“Alah palangsiang kasarean kamailnaan di saung sawah, ceuk Bi Cucu ka Mang Hasim. Bada Isya geus balik Mang Hasim ti Lebak Cicapar, bari lapur Jang Seyu  teu kabawa. Jang Seyu kapanggih di Lebak Sarti keur nyegrek sare di luhur bale-bale, tapi dina luhureun batu nu lempar handapeun dapuran haur nu oyodan, lain handapeun rungkun kembang.
           Bentuk alur anu dituturkeun ku pengarang dina carpon” Nyi Intung”   ngagunakeun pola galur lurus. Galur nyaeta kajadian anu disusun tina model pembesaran awal-tengah-akhir. Anu diwujudkeun dina ekspresi-komplikasi-klimaks-peuleuraian-penyeleusaian (Ambrams dalam Pradopo, dkk. 1985: 17). Carita Nyi Intung ngagunakeun pola galur lurus, jadi tiasa digambarkeun ku diagram : A-B-C-D-E ..............Z. Carita diawalan ku gambaran situasi di tengah poe Jang Idang ngajak Jang Seyu solat juma’ahan tapi Jang Seyu na kalah sare di saung. Carita ieu diakhiran ku Jang Seyu diajak ka Lebak Sarti ku Nyi Intung sihoreng Nyi Intung teh Siluman Oray nu buntung sirahna.
           Kualitas galur carpon “Nyi Intung” ieu berdasarkeun kualitas galurna kaasup galur rapat henteu manggihan ayana panyimpangan pandangan jeung komentar diantara galur carita. Unggal kajadian anu disuguhkeun pengarang dina carita ieu loba kaitanna. Eta teh sababna carpon ieu disebut galur rapet.
5.      Penokohan
           Tokoh protagonis dina carpon “Nyi Intung” nyaeta Jang Seyu. Tokoh ieu kaasup tokoh anu datang dina lapisan sosial biasa.
           Tokoh antagonis nyaeta Jang Idang, Ema, Abah, Kyai Holil, Nyi Tirah, Warga             Sakampung jeung Nyi Intung, tokoh-tokoh antagonis kaasup kana status sosial biasa.
·         Jang Seyu nyaeta budak anu males jeung lalai kana parentah agama. Hal eta tiasa        urang singkap dina kutipan di handap ieu.
           “Ah, jung bae rek balik mah ti heula Jang, uing mah cape rek reureuh heula di   dieu, keun bae lah juma’ahan mah, minggu hareup ge aya keneh sugan,” walon Jang Seyu bari goloyoh asup ka saung, goledag ngedeng na palupuh, kerelek heay.
           Jang seyu tobat, getol ibadah, jeung rada borangan. Hal eta tiasa urang singkap dina kutipan di hanndap ieu.
Ti harita Jang Seyu tara tinggaleun juma’ahan, malah mah ngarit poe kemis sok dua tikel, da embungeun ngarit na poe juma’ah. Manehna embung panggih deui jeung Nyi intung, Oray siluman.
·     Jang Idang nyaeta bu dak anu bageur, getol ibadah, jeung taat kana parentah agama jeung kolot. Hal eta tiasa urang singkap dina kutipan di handap ieu.
           Jang Idang geuwat manggul carangka nu metet ku jukut pikeun embe                 piaraanana. Jang Idang mah tara pisan tinggaleun juma’ahan teh, atuh harita ge indit ngaritna rebun-rebun keneh pisan da sieun teu kabagean juma’ahan. Panan Jang Idang mah sok inget bae kana kasauran guru ngajina jeung papagah indung-bapana sabisa-bisa omat ulah ninggalkeun solat juma’ah, kudu solat bareng jeung jenuk batur balarea di mesjid desa.
·      Nyi Intung nyaeta jelema anu getol, bageur, tapi ngabohong da Nyi intung mah lain manusia si horeng teh siluman oray. Hal eta tiasa urang singkap dina kutipan di handap ieu.
           Pakarangan imah teuing ku resik beresih, lalenang, matak betah malah aya         bale-bale na handapeun rungkun kembang keretas, matak genah mun rek ngadon reureuh teh
           “Nyi Intung asup ka imahna teu ngadagoan heula jawaban Jang Seyu, tapi teu   lila geus kaluar deui bari nanggeuy baki nu dieusian ku cai teh haneut jeung wajit kalapa nu dibungkusan ku kararas daun cau. “Sok A ngleueut heulanya, abdi rek neraskeun heula damel didapur, sok lah santey we lah A di dieu mah da moal aya nu ngaganggu, “bari jung Nyi Intung balik deui ka dapurna, teu kungsi lila kaangseu beuleum lauk asin mani melenghir.
           Oray buntung hideung sagede bitis ngaringkuk. Sihoreng disebut Nyi Intung teh pedah orayna buntung.
·       Indung-bapana Jang Seyu nyaeta indungna Jang seyu percaya kana dukun, Nyi Tirah sedangkeun bapana percaya kana ajengan, ajengan Holil. Hal eta tiasa urang singkap dina kutipan di handap ieu.
           “Kumaha atuh ieu teh Kang Hasyim? Jig atuh teang Nyi Tirah, urang tanyakeun panan panuduhan Nyi Tirah mah arang langka salah sok meneran bae,”omong Bi Cucu kang Mang Hasyim. “Mendingan ka Ajengan Holil lain ka Nyi Tirah atuh Ma, “walon Mang Hasyim.
·         Nyi Tirah nyaeta jelema pinter atawa paranormal. Hal eta tiasa urang singkap dina kutipan di handap ieu.
           Ceuk Nyi Tirah mah cenah Jang Seyu teh keur di sumputkeun ku bangsa siluman di tempat anu suni.
·         Ajengan Holil nyaeta jelema anu sholeh. Hal eta tiasa urang singkap dina kutipan di handap ieu.
           “Sok mangga urang ngado’anheula sangkan urang mendak pituduh, rengse ngado’a urang tuturkeun kamana ieu palidna cai nyusu, da geuningan siga aya tapak suku anyar ,“saur Ajengan Holil.
Watak tokoh protagonis, bentukna watak bulat awalna Jang Seyu nyaeta budak anu males, hese ibadah, teu patuh kana nasehat kolot, saenggeus papanggih jeung Nyi Intung Jang Seyu jadi rajin ibadah jeung teu pernah katinggaleun solat juma’ah.
6.      Latar
Aya 3 jenis latar anu ngadukung proses kajadian dina carpon “Nyi Intung”
a.       Kebon jeung sawah
b.      Lebak Cicapar, kampung Jang Idang jeung Jang Seyu
c.       Lebak Sarti imahna Nyi Intung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar